LAMUN URANG MEULAK PARE,PASTI AYA ALANG-ALANG.
lamun urang rek migawe anu hade,pasti loba hahalang.
nikreuh ngeureuyeuh meumeuneur hirup sangkan bener..
Nyaan seuseut seuat karasana..
Lir ibarat leumpang dinu nanjak taya pisan pamuntangan, kencaeun jungkrang, katuhueun lewang, kahayang mah mundur deui, da sok inggis jeung sieun..
Inggis teu bisa nyangu lamun hirup dibawa jujur, sieun teu ngejo lamun teu titotoroso paboroboro..
Komo deui pikeun jalma leutik, nu usaha ngan ngandelkeun taktak jeung tanaga..
Emh.., nyata ceuk bahasa agama yen kaFAKIRAN ngadeukeutkeun kana kaKUFURAN..
Astagfirullohala'dziim...
http://t.co/sBHoABtWVZ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar